Badé milih anu aya cetétanna tadina, mah. Ngan teu cios, da hariwang soék dinu cetétanna.
Teras milih modél anu ieu. Pas naroskeun anu warna coklatna, dipasihan terang teu acan lebet kana étalase.
Asa rada gendok tadina, mah. Ngan pas dipasihan terang, tiasa mesen anu coklatna, aseli sumringah.
Ayeuna tos dugi barangna, warna coklat motif serat kayu, pas sareng nu dirikués. Utuh, bahanna lemes, jaitanna rapih, dibuntelan lengkep nganggé palastik sareng dus.
Mantap pokona, mah. Hatur nuhun!