Pidangan bahan ajar dina buku Widya Basa Sunda pikeun SD/MI aya punjulna tina buku-buku pangajaran basa Sunda nu geus aya. Lian ti bahan ajar matéri basa jeung sastra Sunda, dina ieu buku mah diwewegan ogéku matéri Wulangkrama jeung Pangdeudeul Literasi Siswa. Adumanisna ieu matéri téh nulad kana katangtuan ti pamaréntah yén dina Kurikulum 2013 Édisi Révisi 2017 kudu diwewegan ku program Penguatan Pendidikan Karakter (PPK) jeung Gerakan Literasi Sekolah (GLS).